Kumpulan Bodor Dan Tarucing Sunda Lucu

Hatur punten, Sampurasun kersana nu maparin sagala rasa, ka indung kalih bapa, ka para luluhur sadaya, kalih sadaya anu parantos gumelar sateuacan simkuring, ka sakabeh anu hirup di ieu alam, kalih sadaya kadang wargi.Nu aya di bumina sewang-sewangan,Bodor Dan Tarucing Sunda Lucu di rohangan. Kumpulan Carita Humor jeung Tatarucingan Basa Sunda, atuh bilih bade sakadar nepangkeun atanapi ngawangkong mangga bae kanggo ngaraketkeun babarayaan pada-pada urang sunda nu aya sa'alam dunya "SADULUR SALEMBUR BARAYA SUNDA"

Peryogi diperhatoskeun, supados ieu tarucing langkung hirup tur rame sateuacan ngadamel status kedah masihan heula komentar kana status atanapi Foto nu tos aya, Oge pami ngintunkeun tarucing, carios, masihan komentar atanapi upload foto, gambar kedah nu lucu sareng nu teu acan pernah di upload  atanapi nu ngajurus kana Hal anu teu sapagodos sareng sara, kalihna ti eta oge teu kengeng ngintun Iklan atanapi tautan nu sifatna promosi, pami aya nu ngintun hal-hal nu teu sapagodos sareng kanca wargi sadaya.


Kalih ti eta bilih aya para wargi nu meryogikeun informasi atanapi bewara kanggo rerencangan mung aukur kanggo ngahibur atanapi tami kesel sososranganan di bumi mangga tingali we di dieu tatarucinganna.

Ieu Soal Tatarucingan Sunda :

1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.
2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karet?
21. Sapi naon anu bau?
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
24. Pribumi di luar ari semah di jero.
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
30. Jam naon anu bisa nembang?
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
32. Pare naon anu teu ngeunah?
33. Jalma meuli kasur keur naon?
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
38. Budak dugul asup kana embel.
39. Petina hiji, mayitna loba.
40. Kaca naon anu nyeri?
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?
42. Kaca naon anu seungit?
43. Kaca naon anu pangbeuratna?
44. Hayam naon anu keur jengke?
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo?
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
49. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?
50. Kaca naon anu sok disada?

Ieu Jawaban Tatarucingan Sunda na mang

1. Toge
2. Hayam keur pawey
3. Korong
4. Sabab banna buleud
5. Sato nu nukangan tembok
6. Bangkuang
7. Rujak
8. Batu garing
9. Oray nu ngalegleg linggis
10. Aki-aki make iteuk jeung kacamata
11. Cau
12. Hayam nu keur jengke
13. Kareta api
14. Gede bohongna
15. Bahe
16. Sireum make helm
17. Peureum
18. Piring bolong
19. Manuk anu katincak
20. Mun tina coklat pasti digembrong sireum
21. Sapiteng
22. Piringatan 17 Agustus
23. Manuk anu katincak
24. Tukang beca jeung panumpang
25. Tai kotok napel dina tihang listrik
26. Kacamata
27. Hujan-heujeun
28. Kalangkangna
29. Buahenol
30. Jamrud
31. Tinggal turunna
32. Parea-rea omong
33. Keur beunta
34. Kutu
35. Nyeri sukuna
36. Ku sendok
37. Keretas
38. Cilok
39. Korek api
40. Kacabok
41. Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung
42. Kacapiring
43. Kacalikan gajah
44. Hayam nu keur sondah
45. Bisa, lamun kiloanana ruksak
46. Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui.
47. Gitar
48.Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup
49. Sabab teu make kaca spion
50. Kacapi

Monyet turun naon heula?
         Jawaban : Naek heula

Diajak Dahar Kalah naek?
        Jawaban : Tukang gali sumur

Naon bedana daun sampeu rejeung onta ?
        Jawaban : Ari daun sampeumah di urab, ari onta mah di arab.

Bahasa inggrisna budak cerik ?
         Jawaban : I is you  

Bahasa arabna jangot ?
         Jawaban : Balagadona

Perbedaan Allah, Motor, Monyet ?
         Jawaban : Ari Allah mah kawasa, ari motor mah kawasaki, ari monyetmah kawasia.

Di tengah pasar aya naon?
         Jawaban : aya huruf S

Luhureun I mah aya naon?
         Jawaban : Luhureun I mah aya titik

Bahasa arab na kopeah ?
         Jawaban : Wadah hulu

Bumbu dapur anu sahuruf naon ?
         Jawaban : U yah

Sato Naon anu sahuruf  ?
        Jawaban : I kan

Di paraban kalah beugang ?
        Jawaban : Batu asahan

Naon bedana nyolok jeung noel ?
         Jawaban : Ari nyolok mah kieu ( bari nyolok irung ), ari noel mah kieu ( bari noel ku urut nyolok liang irung )    :)

Naon bedana sawah, bensin , kamarang ?
         Jawaban : Ari sawahmah sakotak, ari bensin mah 2 tax, ari kamarang mah ngeong-ngeong jetak ( bari neke ).

Perdana mentri jepang anu lahirna di jayapura ?
        Jawaban : Kurasa takada

Lamun keur mentas dina sasak, terus di tengah-tengah mangih bangke anu ges bau, muntangna kana naon ?
        Jawaban : muntangna kana irung, da bau bangke.

Boga hui 3 di kali 2 jadi sabaraha ?
        Jawaban : sesana 1 da ges dikali 2

Lamun shalat menang naon ?
        Jawaban : Menang wudhu

Lima kali sabaraha anu eusina 17 ?
        Jawaban : lima kali solat

sisi-sisna daging na, terus tengah-tengah na aya kacangan naon ngarana? mimitina huruf na teh M tungtung na K .
        Jawaban : Martabak

Aya buluan, aya enogan, dimana lamun arek di pake sok heuras, mimitina K tungtungna L naon ngarana ?
         Jawaban : Keuteupel

Anu bongkok sarena kumaha ?
         Jawaban : peureum

Kasur naon anu nyeuri ?
          Jawaban : Kasura

Aki-aki ragrag sila ?
         Jawaban : Tai munding

Di toel hipu, di takol ngabelentrang ?
          Jawaban : Tai kotok napeul dina tihang listrik

Sato naon anu pangleutikna ?
           Jawaban : Cacing, sabab sireum cacingan, tongo cacingan jadi nu pang leutikna cacing

Sato naon anu panonna dina suku, irung na dina suku, lengen na dina suku sagalana dina suku ?
           Jawaban : sireum katincak

Pang nyeubutkeun lima macam ngaran buah-buahan tapi kudu sakali kecap ?
           Jawaban : Rujak

Di asupkeun kalah kaluar ?
           Jawaban : Kancing

Asup tina beuteung, kaluar tina tongong ?
           Jawaban : Tai sugu

Gunung di tugar, bendera berkibar ?
           Jawaban : nu keur ngakeul

Nu di akod maju, ari anu ngakod na cicing ?
            Jawaban : pancuran

Mudah-mudahan bermanfaat kanggo saderek sadaya kumargi orang sunda mah sok cawokah mangga baraya bilih peryogi tarucing sunda anu super lucu loba pikaserieunana gera cobi.