Kumpulan Puisi Bahasa Sunda Terbaru

Selamat bertemu orang sunda muga-muga urang sadayana aya dina kawilujengan sareng cageur tur bageur bari bungah.sabab hirup teh teu gampang teu cukup ku di pikiran bari kudu dilakonan,sabab hirup siga jalma turut parentah agama ulah jauh ti ulama.Dalit sareng para kia'i ngarah jadi jalma soleh,sing jujur tur bener ulah nganyeurikeun batur ngarah hirup loba dulur,Raksa ucap tingkah adat jeung tabe'at ngarah pinanggih bagja salamet dunia akherat. 

Bulan ukur jadi kalangkang dina peuting ngabangingik, jadi tumbal dina réwuan juta lampu nu moncorong. Beureum, konéng ngagindingan kota, sawaréh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting sérépét meupeus lamunan. Langit beuki alum némbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter, sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyéh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman.



 Nah bagi anda yang hobi berpuisi dengan menggunakan bahasa sunda anda juga dapat berpatisipasi dalam mengirimkan Kumpulan Puisi Bahasa Sunda Terbaru untuk anda  melalui komentar paling bawah postingan ini. Puisi terbaik akan tampil di halaman posting beserta foto sang penyair. Nah untuk itu sebagai bahan inspirasi kami menyediakan beberapa contoh puisi bahasa sunda yang mungkin bisa anda berikan untuk teman, sahabat, pacar, kekasih, dll. Kumpulan puisi bahasa sunda ini saya dapatkan dari berbagai macam sumber.

    PUISI BAHASA SUNDA

    Tuh Saksina
    Tuh saksina bendungan waduk Darma anu ngembat tur weweg
    Tuh saksina cai anu ngaplak di waduk Darma mani herang mencrang
    Tuh saksina angin nu nebak tangkal sisi bendungan waduk Darma
    Tuh saksina langit biru di waduk Darma
    Naon deui anu diragukeun
    Naon deui anu kudu dibuktikeun
    Jalan aspal masih keneh hideung
    Kecap rasa nyaah masih keneh nempel dina biwir
    Tuh saksina masih nyaksian urang duaan
    Ngiuhan handapeun tangkal nu iuh di sisi bendungan waduk Darma


    Puisi Bahasa Sunda

    Bral Miang Anaking, Du'a Tinu Jadi “Kolot” Aranjeun
    Keur aranjeun, anak Bapa anu awewe anu lalaki.
    Anaking….
    Ngitung waktu, milang lengkah
    tikiwari kakiwari,
    sawaktu-sarebu waktu,
    salengkah-sarebu lengkah
    Ananking…..
    Asa cikeneh urang babarengan,
    icikibung dina dunya atikan nu lawas tilu taun landung.
    Asa bieu antara hidep jeung Bapa silih tamplokeun rasa:
    asih, nyaah, deudeuh, ijid, ngewa, jeung keuheul

    Kiwari, tuh lawang pepeuntasan geus ngadago
    kahade tigatruk-tipagut
    keur nulalawora tinangtu tangtu hese mentas

    Bral anaking, sing mulus rahayu nerapkeun elmu
    di ditu hidep bakal dicoba dina pangaweruh

    Jung anaking, hidep diandung pangdunga.
    Wilujeng anaking
    keur aranjeun nu bakal miang
 
    Hampura anaking,
    mun letah Bapa, letah ibu te bisa nahan ucapan, hahaok bari molotot,
    da kitu adatnya neundeun kanyaah.
    Bapa jenu Ibu teh inggis bisi hidep kalangsu di jalan,
    katalimbeng dina dunya sukan-sukan,
    poho balik kana jalan bebeneran.

    Hampura anaking,
    ucap lampah, paripolah nu kaliwat pikeun enteung keur kahareup
  
    Sakecap du'a, sarebu mangfaat,
    du'a nu mujarab iwal tikukaweningan
    hate urang-hate bapa hate ibu, hate anjeun
    munajat ka kanu kawasa
    Alloh ya Robbi,
    mugi Gusti ngahapunten tina dosa
    jeung lampah nu lepat

    Bral miang anaking,
    du'a Bapa keur aranjeun,
    muga hidep sing bisa neruskeun lampah
    nutur catur tolab elmu tug ka jucung,
    kuridoNa
    Alloh bakal kinasihan
    Cag!

    PUISI BAHASA SUNDA

    Anaking Bapa jeung Ema Iklas
    Anaking..
    Geulis anak bapa jeung ema
    Ayeuna anjeun geus miheulaan
    Nu jadi bapa jeung indung

    Anaking…
    Bapa iklas jeung rido
    Anjeun geus dipundut kunu kawasa
    Aajanan hate leutik mah
    Bapa jeung ema kacida sedihan
    ehm… anaking…

    Anaking….
    Geulis, bageur, lamun bapa jeung ema
    Nempo kuburan anjeun anu masih keneh taneuh beureum
    Dina kongkolak bapa jeung ema
    Anjeun nembongan wae,

    Anaking…
    Anjeung keur lulucuna,
    Anjeun nu sok jadi tamba bapa jeung ema,
    Belenyehna imut anjeun sok
    mawa kabungah ka bapa jeung ema
    ehm.. anaking
    Bapa iklas pisan anjeun geus dipundut tiheula kunu kawasa

    Anaking…
    Waktu peuting kamari hujan
    Taneuh beureum luhureun anjeun jadi baseuh
    Kitu deui cimata bapa jeung ema maseuhan pipi.

    Anaking…
    Sok ras inget waktu anjeun gumbira
    Ulin, ngariung, waktu urang tiluan gogonjakan
    Ayeuna tinggal sawangan
    Najan kitu, raray anjeun, anaking, geulis sok nembongan bae…

    Anaking…
    Ku bapa jeung ku ema didungakeun,
    Anjeun sing ditempatkeun di tepat anu suci,
    Bapa jeung ema sabar
    Nandangan cobaan ieu jeung iklas ditingalkeun ku anjeun


    PUISI BAHASA SUNDA

    KAMERDIKAAN
    Ku: Apip Mustopa

    Kamerdikaan teh, jang
    Jukut ngemploh sisi jalan
    Nu teu weleh katincakan
    Ku nu resep mabal jalan

    Kamerdikaan teh, jang
    Jukut ngemploh di sampalan
    Dihakanan ingon aburan
    Atawa diararitan
    Tapi teu weleh parucukan

    Kamedikaan teh, jang
    Waruga aki-aki nu rangkebong
    Dada ngagambang panon celong
    Teu ari mikiran hutang

    (Srangenge, Jakarta)


    PUISI BAHASA SUNDA
    PESTA DEMOKRASI
    Iwan Muhammad R

    Mun rek enya boga karep nu sarua, naha bet pada-pada
    Mun rek enya mawa batin rahayat, naha bet ngamurah-mareh darajat
    Sagala diumbar carita : seja ngabebaskeun waragad sakola,
    Muka lapangan kerja, atawa ngangkat sora nu werit
    Tapi naha bet parasea marebutkeun paisan tutung

    Banner, baligho,spanduk jeung poster-poster ngarumekan kota
    Jalan-jalan leuseuh teu beda jeung runtah nu cenah urang kokolakeun
    Gang-gang pararoek heurin tetenjoan, tembok-tembokna jadi majalah
    dinding
    Naha bet ngolok-ngolok duit, geuning sakabeh eta teh teu beunang
    dipake mungkus peda-peda acan, bororaah laku dijual atawa dipake
    nyimbutan barudak nu tinggolepak di emper toko jeung lampu-lampu
    stopan
    Kahujanan, kapanasan pamustunganana digalaksak ku angin peuting
    Gudawang lebah tarang, gorowong genggerong
    Nu make kopeah, nu make tiung, nu make kabaya, nu make baju
    supermen
    Nu dipoto jeung monyet, nu jeung caleg artisna, nu api-api jadi seniman
    Nu api-api jadi kiyai, nu api-apai jadi olahragawan
    Kabeh teu bisa ngalawan ninggang datang paceklik ka rahayat
    nu cenah rek diwakilan ku maranehanana.

    Na ngarudag naon atuh, aya pesta demokrasi teh siga nu moro bagong
    Marawa anjing bari dibarajuan ku rupa-rupa gambar
    Kabeh pada boga cita-cita, mawa visi jeung misi sewang-sewangan
    Hayang meunangkeun naon nu diudag

    Kawas barudak di lembur coko langlayangan, lumpat titatarajong bari
    panon tanggah
    Teu ditolih nu dihandap, teu ditempo nu tincak
    Teu paduli kebon batur ruksak, teu paduli rek cohcor katincak
    “Nu penting aing meunangkeun nu diudag” omong budak

    “Kadarieu! Kadarieu! Yeu ubar hanaang. Pek contreng lebah irungan,
    atawa dadana, atawa dina ngaranna atawa dina gambarna!
    Pek gunakeun hak pilihna tong salah, milih luyu jeung hati nurani!”
    gorowok partai nu teu sacara langsung nitah milih manehna.
    Aya deui nu nyebutkeun rek bebela ka patani, ngaronjatkeun hasil
    tatanenna.
    Aya deui anu ngajangjikeun numpes kamiskinan jeung pengangguran
    Naha teu era disalindiran ku iklan roko?
    Majar beuki loba pilihen, beuki bingung milihna
    Atawa nu omat-omatan ulah katipu ku cau badag bisi dijerona cangkang
    hungkul!

    Mun rek enya boga karep nu sarua, naha bet pada-pada
    Mun rek enya mawa batin rahayat, naha teu sauyunan bae dina
    nanjeurkeun cita-cita
    Ngawangun nagri nu waluya.

Mungkin ini bisa bermanfaat bagi kita semua semoga Kumpulan Puisi Bahasa Sunda Terbaru bisa berguna bagi kita semua amin.